Padamelan Rasul-rasul 26
Raja Agripa ngalahir ka Paulus, "Maneh diidinan nyaritakeun perkara maneh." Paulus ngacungkeun panangan, lajeng ngabela salirana; saurna,
"Nun Raja Agripa! Jisim abdi kalintang asa bagjana, reh danget ieu kenging widi ngabela diri di payuneun Kangjeng Raja, tina saniskanten anu ditudingkeun ka jisim abdi ku urang Yahudi.
Utamina pang ngaraos bagja teh ku margi Kangjeng Raja leres-leres uninga kana sagala kabiasaan sareng masalah-masalah urang Yahudi. Ku margi eta sanget panuhun, mugi Kangjeng Raja kersa sabar ngadangukeun pihatur jisim abdi.
Urang Yahudi sadayana tarerangeun hal hirup jisim abdi ti ngongora. Maranehna tarerangeun, naon anu ku jisim abdi dilakonan sapanjang hirup ti awit di kota sorangan sarta salajengna di Yerusalem.
Ti kawitna keneh jisim abdi teh jadi anggota hiji madhab anu kalintang kerasna nyepeng aturan-aturan agama Yahudi, nya eta madhab Parisi. Urang Yahudi parantos terangeun yen lampah hirup jisim abdi teh kitu, upami maranehna daraekeun ngaku mah.
Jisim abdi diperkawiskeun teh ku margi percanten kana hiji hal anu dijangjikeun ku Allah ka karuhun.
Nya ieu pisan anu dipikahoyong ku bangsa jisim abdi anu sadayana dua welas kaom, dibarung ku saregep ngabarakti ka Allah siang wengi. Nya ku margi nyepeng pangharepan ieu pang jisim abdi dikelakkeun ku urang Yahudi teh, nun Raja anu mulya!
Para Saderek, urang Yahudi anu ayeuna araya di dieu, ku naon para Saderek teu tiasa percanten yen Allah ngahirupkeun deui nu maraot?
Jisim abdi oge tadina mah ngaraos wajib metakeun sagala tarekah, numpes kajadian anu dilantarankeun ku Yesus urang Nasaret.
Sareng nya kitu pisan anu ku jisim abdi dijalankeun di Yerusalem. Jisim abdi kenging kawasa ti para imam kapala, nyeredan umat Allah ka pangberokan. Upami hukuman maranehna ditangtoskeun hukuman paeh, jisim abdi kalintang rujukna.
Jisim abdi sering nyiksa nu karitu di imah-imah ibadah, dipaksa sina malungkir tina kapercayaanana. Kabengisan jisim abdi ka nu karitu taya papadana, anu araya di nagri sanes oge diberik dikaniaya."
"Dina hiji mangsa jisim abdi mios ka Damsik, ngabantun serat kawasa sareng parentah ti para imam kapala.
Wanci tengah dinten nalika di jalan, nun Kangjeng Raja, jisim abdi ngadak-ngadak ningal hiji cahaya, moncorong ngungkulan caangna panonpoe. Eta cahaya ti langit nojo ka jisim abdi sareng ka rerencangan saperjalanan,
dugi ka sadayana tibeubeut kana taneuh. Lajeng aya soara anu ngalahir ka jisim abdi dina basa Ibrani, ‘Saulus, Saulus! Ku naon maneh nganiaya ka Kami? Maneh nyilakakeun diri sorangan nyepak kana panyocog!’
Sanggem jisim abdi, ‘Saha Juragan teh?’ Waler-Na, ‘Kami Yesus, anu dikaniaya ku maneh tea.
Geura cengkat, nangtung! Kami pang nembongan teh rek ngangkat maneh jadi abdi jeung saksi Kami. Kajadian poe ieu, perkara maneh nenjo Kami, kitu deui hal-hal anu engke ku Kami ditembongkeun, ku maneh kudu dipertelakeun ka nu sejen.
Maneh ku Kami tangtu diaping sangkan salamet ti urang Israil, kitu deui ti bangsa sejen. Maneh ku Kami rek diutus ka maranehna.
Bareuntakeun panonna, tarobatkeun tina poek kana caang, tina pangawasa Iblis kana kakawasaan Allah, sina palercaya ka Kami supaya dosa-dosana bisa dihampura, jeung mareunang tempat di kalangan umat Allah.’"
"Ku margi kitu nun Raja Agripa! Eta amanat tina titingalan ti sawarga teh ku jisim abdi henteu dipungpang.
Parentahna dilakonan, ngawitanana ka nu di Damsik sareng nu di Yerusalem, salajengna ka sakuliah Yudea sareng ka bangsa sanes. Maranehna sina garanti pikir sareng tarobat tina dosa-dosana, kedah tarobat ka Allah, sareng hirupna kedah nembongkeun yen parantos tarobat.
Eta margina abdi ditangkep ku urang Yahudi waktos keur aya di Bait Allah, bade dipaehan.
Nanging Allah nangtayungan ka abdi dugi ka waktos ieu, dugi ka abdi ayeuna tiasa aya di dieu ngahaturkeun panyaksi ka sadaya jalmi, ka nu handap kitu deui ka nu luhur. Anu disanggemkeun bieu ku jisim abdi teh anu kapungkur ku Musa sareng nabi-nabi disaurkeun pasti bakal kalakon.
Nya eta: Kristus Jurusalamet teh pasti kedah dikaniaya sareng kedah pangpayunna tanghi ti nu maraot, supados iasa ngembarkeun caang atanapi pisalameteun ka urang Yahudi sareng ka bangsa sanes."
Nepi ka dinya Paulus sasauranana, Festus motong, saurna, "Maneh sasar, Paulus, lantaran luhur teuing elmu!" saurna tarik.
Waler Paulus, "Jisim abdi henteu sasar, Paduka nu mulya! Pikiran jisim abdi waras. Ieu perkawis teh estu saleresna.
Sang Raja Agripa oge uningaeun yen anu disanggemkeun ku jisim abdi teh leres. Kitu nu mawi jisim abdi wantun nyanggemkeun eta perkawis sabalakana. Jisim abdi yakin perkawis ieu sarupi ge teu aya anu teu kauninga ku anjeunna, margi kajadianana henteu kaalingan ku naon-naon.
Nun Raja Agripa! Kumaha Kangjeng Raja percanten ka eta anu disaurkeun ku nabi-nabi? Jisim abdi yakin Kangjeng Raja tangtos percanten!"
Saur Agripa ka Paulus, "Na bisa maneh mawa kami asup Kristen dina waktu sakeudeung kieu?"
Waler Paulus, "Sakedap atanapi lami, paneda jisim abdi ka Allah, mugia Kangjeng Raja, kitu deui anu sanes anu ayeuna nuju ngadarangukeun, sing jadi sapertos abdi, kajabi ti ieu rante!"
Geus kitu raja, gupernur, Bernika, jeung nu lian-lianna ngaradeg,
terus kalaluar bari salasauran, "Eta jalmi henteu milampah anu manjing kana hukum paeh atanapi manjing panjara."
Raja Agripa ngalahir ka Festus, "Saleresna eta jalmi kedah dibebaskeun upami teu apel ka Prabu mah."